Wanci carangcang tihang teh di imah kuring mah geus rame, recok siga jogjog mondok Pahibut kana sangu bari silih tempas ngalalakonkeun kajadian anu kamari ieu. Sajeroning ngahuapan budak anu bungsu téh kuring ogé nyaritakeun kajadian tadi peuting ka salaki. Pa, mamah mah sapeupeuting hudang pineuh, dipeureum-peureum oge panon teh buncirat waé.Da éta wé nepika nyaho panjangna peuting anu antukna mah bras bae beurang. “Na kunaon kitu mah aya kanyeri ?”. Ceuk salaki bari ngosom da eta bahamna pinuh ku sangu.”Ah henteu , ngan loba rus-ras bae sarwa kainget” tembal teh. Reg salaki kuring eureun ngahuapna bari pok nyarita,”Ceuk bapak oge naon , ari dek sare teh babacaan heula lain jangji ker,komo bari teu sholat Isya heula mah . Sakitu hese gening digeuing-geuing deui titah sholat heula teh ari geus sare mah, ngabongkek siga bangke.Sok keuheul bapak mah ahirna mah sok diantep we, mangsa bodo diingetan enggeus” . Moal engke mah pang ingetankeun we nya, sholat heula kituh”. Ceuk kuring , bari buru-buru kuring nyalukan budak nu cikal. Ngarah teu kapapanjangan ngagelendengna,sanajan kuring rumasa salah gede oge embung ari digelendengmah. “ Aa..! aa..! geura sarapan heula geus siang, ngarah bareng kasakolana jeung si bapak...!, peupeuriheun kamari ieukudu naek ojeg bae. Cing atuh ayeuna mah , matak maksakeun hayang boga motor oge ngarah ngirit.”Muhun mangga, meresan heula..!”, sicikal nyelengkeung ti kamar tukang.”enya A , sok macet dijalanna seug bapana rusuh ayeuna mah” nyarita kituna teh bari nyodorkeun alas ka kuring. “Tambahan deui Mah sanguna saeutik!” cenah. Kuring ngeusian alasna bari hayang seuri,” Ari Bapak cenah rusuh tapi ngahimel keneh”.”Lain dahar ieumah cuci mulut ti jakartana mah” cenah nempas bari nyerengeh. Teu lila jol si Cikal geus saged. Gek diuk gigireun budak nomer dua.Anu ti tadi oge tongoy bae ngahuap teu kaganggu ku nu raribut.Dekul si Cikal dahar bangun anu ponyo naker. Kareret kukuring salaki teh anggeus sarapanna, buru-buru atuh diasongan cai enteh haneut. Pok manehna nanyakeun “Ieu teh cauna mana ?, apan rek cuci mulut babak ka dua “. “ Itu dina kulkas” tembal kuring. “Na moal seueul angen kitu wayah kieu kana cau ?”. “Moal da acan” jawabna .Kojengkang kuring kana kulkas,ari bray dibuka teh katinggali cauna hideung siga buruk kulitna,teu aya pikahayangeun. Diula-ilik teh baki helok,ceukeng teh,”Nahanya dina kulkas oge cau teh siga buruk?”.Celengkeung si cikal nembalan” Mah da saur Ceu Heni oge cau mah ulah di kana kulkaskeun awon kulitna sok hideung , anjeuna mah uningaeun margi kagungan kulkasna parantos lami. Ceukeukeuk salaki kuring seuri bari pokna teh” mhm si Mamah abong –abong kulkas baru , sagala dikana kulkaskeun cing atuh kursus heula ka tatangga sabeulah”. “Aduh meni ngaledek kawas bapak apal bae” Ceukengteh bari seuri koneng.”tong jadi cau teh Mah, beurang gening” . Pokna bari ngoloyong ka kamar , torojolna deui teh geus ngajingjing kantong .Aa hayu ..! ngajak indit ka sicikal. Jrut duanana tarurun ti imah, teu lila kadenge sora motor ngagerung indit sorana kadenge ngahieng masih lemes keneh maklum umur motor teh kakara opat bulalan leuwih. Sibungsu jeung budak anu kadua oge geus cing karolesed geus sarareubeuh meureun . Buburu kukuring urut dalalaharna teh diberesan, diteruskeun ku sasapu jeung ulap –elap . Sawatara keur jongjon beberes, trok..trok..trok panto aya anu ngetrokan,”punten..punten...!”sora budak anu teu bireuk deui kadengena mah.” Mangga...! sok we kalebet da teu dikonci..!” ceuk kuring malik kana panto. Bray panto muka satengahna, sirah budak nolol tina balik panto. “Euceu saur ibu bade ngawiat kanggo si Abang...!” pokna teu tatapasini. “Alah ieu teh tos kemis deui kitu ?” Ceuk kuring malik nanya .” Muhun Ceu “ ceuk budak nembalan.” Jang , wartoskeun ka Ibu Euceu mah can aya, engke we ka ditu, ayeuna rek kurah-koreh heula . Sugan we aya duit nyumput dina handapeun padaringan”. Budak nyerengeh ngadenge kuring ngomong kitu teh. “Mangga atuh ceu !” Budak pamitan bari nutupkeun panto. “Mangga !” ceuk kuring.Teu kungsi sapanyepahan trok..trok trok panto aya anu ngetrokan deui, kuring ngojengkang muru panto,bray panto dibuka. Kasampak lalaki duaan marake jeket hideung keur ngajanteng hareupeun panto.Gebeg kuring ngagebeg reuwas anu teu aya papadana . “Punten, leres kitu ieu bumina pa Idrus ?” ceuk salah saurang semah nanyakaeun. “Oh sanes, pak Idrus mah bumina anu cet bodas palih kalereun ieu kahalangan ku dua bumi, ti dieu mah. Ceuk kuring nerangkeun ka semah. Semah pupuntenan jeung nganuhunkeun tuluy ngalaleos indit. Bari nyerangkeun nu ngaleos biwir ngagerendeng “Alhamdulillah lain rek ka kuring , mun seug......, rek kumaha....?”. Katenjo panon poe mimiti ngempray atuh ras inget kana seuseuhan anu teu kungsi garing poe kamari.Rigidig jolang anu eusi seuseuhan eumeul-eumeul teh dipangku ka luar rek dipoekeun deui.Hiji-hiji seuseuhan dibengbreng-bengbreng nepika beakna . Geus beak eusina jolang di tangkubkeun dina teras. Ceg leungeun kuring kana sapu nyere , niatan teh rek sasapu di buruan. Ngan acan oge ger sasapu , jol reg aya motor eureun ari anu tumpakna teh make jeket hideung ngan teu sidik ari kana rupana mah sabab kahalangan helm. Mimiti hate kuring tugenah jeung beda rarasaan. Jrut anu make jeket hideung teh turun tina motor ,muka helm tuluy dijingjing bari nyampeurkeun kuring. Angot hate kuring beuki ratug sabab ayeuna mah beuki sidik kana rupana.”Punten Bu ! tos aya kitu ?” cenah bari melong ka kuring. “Aduh punten bae cep teu acan aya margi bapana teu acan hasil”. “Bade iraha atuh....! tegesna . “ Insya Allah senen payun nya.” Jawab kuring sakeunana. “ Muhun , mung omat we nya kedah diperhatoskeun!” cenah bari ngaleos. “ Mangga , mangga jawab kuring . Padahal hate mah bingung teu manggih tungtung, sabab can kaimpleng pi lawangenana. Atuh anu tadina rek sasapu teh kalahka hoream, gek weh diuk dina sisi teras.Huleng jentul teu puguh laku. Ka turug ka tutuh keur kitu teh torojol aya jelema make jeket kulit hideung nyampeurkeun . Atuh kaayaan kuring teh leuwih parna tibatan tadi, bari molohok ninggali anu nyampeurkeun teh kuring maksakeun nanya . “Bade kasaha..?. “ Punten, bade tumaros upami Bale Desa teh dipalih mana ?” Oh , tebih keneh atuh teras we nganggo jalan ieu, engke di payun mendakan parapatan candak bae jalan anu ka palih kiwa , tah tidinya mah teu tebih”Ceuk kuring ngajentrekeun. “ Nuhun teh , mangga “ jelema anu baju hideung teh manggut bari seuri kakuring “Mangga !” ,” mangga “ cekeng teh bari seuri kuda. Teuing naon hartina eta seuri teh, teuing seuri koneng awahing ku reuwas, teuing seuri ngahormat anu ngajenan atawa seuri nyeungseurikeun diri sorangan anu trauma ku nu make jeket hideung. Awak beuki karasa panas alatan kapoe , kuniang kuring hudang bari babatek awak anu karasa cangkeul jeung singsireumen, Geus tingdarekdek mah ngemplong karasana awak teh. Koloyong kuring ka dapur sabab geus waktuna kudu utakareh deui, keur nyampakeun anu Ngajanteng marulang. Wanci pecat sawed panon poe beki moreret, barudak anu ti tatadi arulin di buruan batur teh dicalukan sina arasup ka imah.”Amengna di bumi ngarah teu panas , bari urang nongton TV Geura” . Kabeneran acara dina TV teh pikaresepen barudak leutik atuh duanana pogot ,malahan kuring oge teu ingkah deui ngadon milu ngabegod. Keur anteng lalajo kadenge panto aya anu ngetrokan Trok..trok...trok...,” punten...!punten...!”, teureugeus sora jalma anu pupuntenan teh. Korejat kuring hudang tibuburanjat muru panto hareup, barang bray dibuka lenyap kuring ngalenyap,. Atuda gening anu ngetrokan panto teh taya lian ti anu make jeket hideung deui. Ngan ieu mah jelemana beda, malah kuring oge wawuh, sabab sababaraha kali bulak-balik ka imah ieu. Sok sanajan kitu henteu matak tengtrem kana hate teh. Malah tambah angot hate ratug tutunggulan , asa gep-asa gep we dikerekeb lamun ku maung tea mah .Satekah polah kuring teu nembongkeun ulat sieun. Teteg bae, padahal saenyanamah neger-negerkeun maneh. Pok anu dijeket hideung teh ngomong “ Bapak nuju aya!’ “Teu acan uih , mangga kalebet...!” Ceuk kuring. Sup manehna ka imah tuluy diuk disanghareupan ku kuring.”Wios ka Ibu deui oge atuh nya da sami ?”cenah ngamimitian. “Muhun ceuk kuring “.”Bu, perkawis tagihan motor teh kumaha, pan ieu teh ibu tos mandeg dua sasih. Sedengkeun ti kantor mah motor teh tos kedah di candak, ayeuna kamana motorna ? .”Dianggo ku Bapana ka kantor “, jawab kuring. “Oh.... janten kumaha.... da abdi teh kedah nyandak artos atanapi barangna danget ieu teh . Margi tos cekap toleransi ti kantor kanggo ibu didieu”. Jep manehna jempe . “ hapunten cep Ibu teh nyuhunkeun sarantos deui dugika ahir sasih ieu, bapana teu acan hasil wae aya artos di luar oge, jabi kamari saminggon pun biang opname di rumah sakit Ranca Badak”.Kuring sanduk-sanduk bari hayang dipikarunya. “Na kunaon ?” cenah nanyakeun tamba bau sungut meureun . “ Kawitna teh kacugak teras bareuh dugika teu tiasa leumpang- leumpang acan . “ Kumaha ayeuna ?” tanyana . “Aya sakinten ayeuna mah margi tos tiasa wangsul. Jawab kuring. “Uih deui kana perkawis tadi Bu kumaha atuh da abdi teh ditegor ku kantor upami mulang teu aya hasilmah “.Geus mimiti paromana merengut. Sedengkeun kuring mah beuki rampohpoy, bari dareuda kuring mgomong” Cep nyuhunkeun deui sarantos we atuh dugika ahir sasih , da ibu oge upami aya mah moal enya mangkir kana sametan , Insya Allah bade leres-leres diusahakeun”.” Ulah Insya Allah Bu, tapi kedah pisan , abdi tos bulak balik bae ka dieu teh bari tebih ti GatSu. Ari nyamos deui- nyamos deui mah abdi ditegor ku atasan. Kuring teu lemek teu nyarek ngadengekeun anu ngomong. “Muhun atuh kitu we nya Bu, permios”. Cenah bari cengkat. “ Mangga.. mangga..! tembal kuring.Jrut anu dijeket hideung teh turun ti imah . Panto ditutupkeun ku kuring. Koloyong kuring ka tenga imah ngadon ngalungsar,awak leuleus taya tangan pangawasa . Sawatara kuring keur hulang – huleng, hawar-hawar kadenge sora adzan ti masigit. Korejat kuring cengkat bari maca Istighfar, buru-buru ngingkig ka cai rek wudlu . Kudupruk Sholat diteruskeun ku ngadoa.Sabab kuring boga kayakinan yen teu aya deui Pangeran anu welas asih lian ti Gusti Allah, Satemena Anjeuna kawasa ngalapangkeun rizki hamba-hambaNa . Amin. Rengse sholat kuring nyalukan barudak rek sina sare beurang . Ngan si bungsu mah menta tanjakan rek di ajak sare teh “ Mamah Ade mah hoyong di pangdongengkeun heula “ cenah.”D ongeng naon atuh asa tos seep dongengna oge apan unggal bade bobo di pangdongengkeun” Ceuk kuring. Budak terus ngarenghik atuh leng kuring mikir , carita naon anu can di dongengkeun kabarudak?. “Anu rame dongengna Mah !” Ceuk budak anu nomer dua nyusul tepus. “ Heug ceuk kuring , tapi kedah jararempe teras socana peureumkeun ngarah kadangu !”Kuring ngamimitian ngadongeng : Aya anak bangkong tas ulin jauh, kaindungna hariweusweus nyaritakeun papanggihan pokna” Tadi abdi ninggal sato ageung duka naon wastena, kuageung-ageungna sareng ku hebat-hebatna abdi dugika kasima. Salajengna teras bae enggal wangsul,margi sieun kuma onam”. “Geude mana jeung Ema?”,omong indungna . “ Ageung itu atuh, duka sabaraha ratus kalieun !”.Indungna asa dihina terus beuteungna dipelendungkeun. “Gede mana jeung beuteung Ema ? . “Ageung keneh itu”. Ngan kitu jeung kitu bae, ahirna beletuk bae beuteung bangkong teh bitu.Tah kitu ahirna anu takabur mah. Eta ku hararidep kudu dijieun conto. Bangkong najan beuteungna dipelendung-pelendung oge moal bisa nyaruaan sapi.Ari direret geus talibra duka teuing nepika lebah mana ngadengekeun dongengna . Nyaho kitu teh lain buru-buru hudang kalahka tuluy kuring ngaherang nyerangkeun lalangit bari ngalenyepan carita bangkong tadi. Naha gening eta dongeng teh keuna pisan kana diri kuring . Kalawan sa estuna anu leutik gajihna ,ulah niru-niru anu loba pangalana, lamun dipaksakeun teh gening cilaka balukarna. Siga bangkong dina dongeng tea
|
Komentar